Sejarah
Singket Sajak Sunda
Assalamualaikum Warohmatullohi
Wabarokatuh.. SAMPURASUN.. Alhamdullillah tiasa tepang deui sareng simkuring,
Kumaha daramang ? Dina danget ieu simkuring badé Ngajéntrékeun sejarah singket
sajak Bahasa Sunda anu tos ku simkuring rangkum ti wikipédia Bahasa Sunda..
Sing mangpaat :-)
Sajak Sunda nyaéta wangun puisi ugeran
anu bahasana teu pati kauger. Sajak Sunda gelar dina sabudeureun tahun 1950, ti
taun 1946 kénéh geus aya nu nulis dina wangun sajak, nyaéta Kis WS. Saméméh dibukukeun sajak sok
dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat kabar.
Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok remen ngamuatkeun sajak
Sunda téh diantarana ; Sipatuhan, Warga,
Sunda Kujang, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Manglé, Galura, jrrd. Buku kumpulan sajak nu
munggaran terbit nyaéta Lalaki di
Tegalpati karya Sajudi (1963).
Kabéhdieunakeun dituturkeun ku kumpulan sajak lianna, saperti Ombak Laut Kidul Karya Rachmat M Sas Karana (1966), Jante Arkidam karya Surachman
R.M (1967), Tepung di Bandung karya
Rachmat M Sas Karana (1972), Katiga karya Yayat Hendayana (1975), Nu
ngarongéap Mangsa Surup karya Eddy D
Iskandar(1978), Jrrd. Dina mangsa mimiti gelarna sajak Sunda, anu ditaratas
ku Kis WS dina taun 1946 waktu anjeunna ngajapapang dina ranjang SR Cideres
Majaléngka, timbul réaksi anu henteu satujueun kana wangun sajak, da cenah anu
asli puisi Sunda mah ngan Dangding Wungkul. Harita loba polémik
pro kontra antara sastrawan kolot jeung sastrawan ngora anu nolak jeung
merjuangkeun hak sajak Sunda. Tapi nyatana na mah nepi kakiwari sajak Sunda
beuki berkembang, dina kurikulum ogé aya matéri ngeunaan Sajak Sunda.
Salah sahiji sajak Sunda karya Kis WS nyaéta Ilangna
Mustika
ILANGNA MUSTIKA
Kis. Ws.
lebah ieu puseur bumi
nu kamari gonjing ku lini
ayeuna ngaplak sagara motah
tineung mumbul séah ngagalura
jerit aral diajam maratan méga
kalah mendal neunggar cakrawala
aya pamayang kaalungkeun ka basisir
rubuh bari teu kendat kukubuk
ka nu nyiptakeun laut
angin lirih dina seta-seta dikir
ngendat sakedep lacak nu ilang:
beurang teu aya nu langgeng
peuting teu saendeng-endeng
ngarusapan ngagerihan kuma' urang
di teluk liuh.
subuh parahu balabuh
ki pamayang ayem ngaharéwos alon:
beurang-peuting anu urang
sagala-gala keur urang
ayeuna kula narima
sakabehna!
Cideres, Juli 1946
------------------------
Ciamis, 20 Pebruari 1986
Kis. Ws.
lebah ieu puseur bumi
nu kamari gonjing ku lini
ayeuna ngaplak sagara motah
tineung mumbul séah ngagalura
jerit aral diajam maratan méga
kalah mendal neunggar cakrawala
aya pamayang kaalungkeun ka basisir
rubuh bari teu kendat kukubuk
ka nu nyiptakeun laut
angin lirih dina seta-seta dikir
ngendat sakedep lacak nu ilang:
beurang teu aya nu langgeng
peuting teu saendeng-endeng
ngarusapan ngagerihan kuma' urang
di teluk liuh.
subuh parahu balabuh
ki pamayang ayem ngaharéwos alon:
beurang-peuting anu urang
sagala-gala keur urang
ayeuna kula narima
sakabehna!
Cideres, Juli 1946
------------------------
Ciamis, 20 Pebruari 1986
Tah
éta salah sahiji karya Kis WS dina sajak Bahasa Sunda, Dina Sajak Sunda aya
sababaraha unsur anu kudu diperhatikeun nalika urang nyieun sajak sunda nyaéta :
1. Pikiran, Maksudna dina nyieun sajak urang kudu boga pamikiran ngeunaan
sajak nu rék dijieun teu sagawayah conto na rék nyieun sajak kiritis urang kudu
boga pamikiran anu kritis élmu pangaweruh ngeunaan kritis geus jembar
2.
Rasa, maksudna rasa nyaéta eusi haté urang dina éta sajak kumaha lamun
sedih nya sedih, lamun gumbira kudu gumbira ulah nepika rasa sedih tapi dina
sajakna digambarkeun gumbira
3.
Gaya, biasana gaya nu dimaksud nyaéta gaya basa
4.
Maksud atawa amanah, Nyaéta tujuan urang nyieun sajak bisa waé
ngungkapkeun eusi haté, nyindiran pamaréntah lamun dina sajak kritik, atawa
naon baé. Dina sajak ogé pasti aya amanah sok sanajan teu ditulis langsung tapi
sok tersirat dina kecap-kecapna.
5.
Diksi, nyaéta pamilihan kata dina nyieun sajak. Conto na : angin lirih dina seta-seta dikir
Ieu dihandap aya salah sahiji conto Sajak Sunda
KIWARI
Sandi P
Laun-laun
cai ngeclak
Dapuran
awi geus kur tungulna
Ngoréjat sihoréng tina lamunan
Waas kiwari hirup
sorangan
Duriat nu meungkeut
haté
Nu megatan lalampahan
Kaimpi-impi
kabayang-bayang
Baheula keur hirup
duduaan
Kiwari ukur sésana
Nyukcruk kana rasa
Anjeunna geus teu aya
Duh bébéndé iraha panggih
deui
Margaasih, September 2016
Mung sakitu baé anu tiasa
kusimkuring didugikeun hapunten boh bilih seeur kakirangan sareng kalepatan,
mangga upami badé masihan kritik atanapi nyanggah ka tutulisan simkuring
caturkeun baé dina kolom koméntar Inysaalloh kusimkuring ditampi kanggo bahan
évaluasi kapayunna. Hapunten anu kasuhun, Wassalamu’alaikum warohmatullohi
wabarokatuh..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar