Cari Blog Ini

Minggu, 09 Oktober 2016

Undak-usuk Basa

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. :-)
Sampurasun.. Alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok sok sanaos ngalangkungan media tulis tapi teu ngirangan kana rasa bungah simkuring.. Simkuring badé ngajéntrékeun undak-usuk basa dina Bahasa Sunda
Naon ari undak-usuk basa téh ?
          Undak-usuk basa nyaéta tata krama nalika urang nyaturkeun sagala rupa omongan (cariosan) dina kahirupan sapopoé. Dina Bahasa Sunda aya 3 nu ka asup kana undak-usuk basa nyaéta :
1. Basa Lemes
2. Basa Loma
3. Basa Kasar
  • Basa lemes, Biasana digunakeun nalika urang gunem catur jeung nu saluhureun atawa ka jalma anu can wawuh. Contona : "Punten A, badé tumaros pami bumi na Haji Ujun palih mana ?"
  • Basa Loma, Biasa digunakeun nalika urang gunem catur jeung nu sapantaran, sahandapeun atawa ka jalma anu geus wawuh. Contona : "Din, hayam nu urang aya nu maok peuting tadi!"
  • Basa Kasar, Basa kasar biasana sok kaluar ti jalma anu keur ambeuk, emosi, atawa aral. Contona mah teu kudu dicaturkeun kusabab anu kudu dipikaharti nyaéta basa lemes jeung loma.
            Loba budak ka ayeunakeun anu teu boga tata krama nalika nyarita boh ka saluhureun, sapantaran atawa ka sahandapeun. KUMAHA atuh supaya urang bisa nyarita maké tata krama ?
  1. Miboga rasa hayang diajar bahasa Sunda
  2. Maké bahasa Sunda dina kahirupan sapopoé
  3. Ulah  éra maké bahasa Sunda
  4. Kudu reeus jadi Urang Sunda
Tapi urang moal bisa nyarita maké bahasa Sunda anu bener lamun teu boga sumber anu bener ogé. Sumber anu bener tur hadé biasana geus meunang sertifikat ti média percetakan Indonesia. Dina perkembangan zaman ieu teknologi geus maju sagala rupa kabutuhan leuwih babari nu mangaruhan ogé kana bahasa khusuna bahasa Sunda. Dampak tina perkembangan zaman salah sahijina nyaéta pacampurna budaya, ku majuna teknologi budaya jadi babari asup jeung babari diaksés. Namung, teu saeutik jalma anu ngamanfaatkeun ieu kamajuan kana hal-hal anu goréng. Faktana barudak urang sunda kaayeunakeun leuwih reeus ngagunakeun bahasa Indonesia anu gaul anu teu sesuai jeung éjaan daripada ngagunakeun bahasa sorangan nyéta bahasa Sunda. Tah kukituna hayu urang sasarengan diajar bahasa sunda sok sanaos balélol atawa henteu pas kana undak-usuk basa teu aya salahna mun salila urang daék diajar.

Pondok nyogok panjang nyugak
Langkung saur bahé carék
Bobo sapanon carang sapakan
Tutus langkung képang halang
Hapunten anu kasuhun,
Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh. :-)

1 komentar: